Friday, January 14, 2011

Lagu Kebangsaan urang Sumedang


SUMEDANG - Doel Sumbang

kota leutik, campereunik
najan leutik tapi reusik
ngaliwat Cadas Pangeran
mmhhh.. kota Sumedang

di papaes ku Cipeles
Tampomas nu matak waas
Cimalaka pamandian
ngageunyas caina herang

jajaka sareng nyi mojang
indit mawa cai kaasih
nyangcangkeun rasa katineung
Cimalaka jadi jugjugan

caang bulan 14
caang mabrat cahayana
nambah endah katingal na
kota Sumedang

***


KUDA SUMEDANG

Budaya kota Sumedang
Seni banggreng kuda renggong
Paranti arak-arakan
nu ngarak budak sunatan

Kuda menang ngadangdanan
Diiring dirence dipayungan
Suara tarompet jeung dendang
Sinden ngawih ngahaleuang

Nu ngarak budak sunatan
Tepak gendang jaipongan
ngahibur nu pangantenan
Suka bungah gogonjakan

kuda ngeyeg bisa ngigel
Bari kedah dicekel
Kuda geus ngarti irama
nuturkeun poek na jalma

***

No comments:

Post a Comment